Sangeuk

| | 1 comments





Ku: Dadang Sadkar

Sora piriwit ditiup semu ngalengis. Rieg, kareta ngarieg, tuluy maju. Mimiti lalaunan, beuki lila ngagancangan. Yuswa ngareret kana erloji. Tadi, barang mimiti indit, panceg tabuh genep isuk-isuk. Geuning lain ukur beja, enya we ayeuna mah kareta teh tara ngaret. Mun taya halangan harungan, ku manehna kaijir pidatangeun ka Jakarta teh kurang leuwih tabuh salapan. Kawasna bakal cukup, waktu keur nguruskeun urusan kantor. Jadi engke bakal bisa balik deui ka Bandung make Parahiyangan anu berangkat jam lima sore ti Jakarta.

Sekar Baruntak

| | 0 comments



Ku : Nano S.

SEKAR BARUNTAK teh pakumpulan kasenian nu gede. Gede pisan. Gede ka luhur ka handap. Ngadegna didasaran ku tekad juang nu teu kapalang tanggung. Hayang kasenian Sunda satata jeung Amerika. Kasenian Sunda geus lain waktuna ditatanggung ngurilingan kampung. Ladang ukur tina ngarayuda, geus kunooo. Nu nanggap hayang ciatah, kudu di warah. Anemer seni kudu dibasmi.

Sunda rek ka mana?

| | 0 comments


Urang Sunda rek ka mana?

Atoh ku kituna mah. Harga tanah nu biasana saratus rebu satumbak, ditawar tilu tikeleun. Atuh sawah, balong, jeung kebon katut tatangkalanana ge dijarualan ku nu bogana. Ari maranehna tuluy milih nyalingkir ka sisi, neangan nu hargana masih keneh murah.


Duit ladang ngajual tanah tea, ku manehna ditumpakan jadi motor atawa mobil. Puguh we asa gaya. Sikep hirup oge jadi robah. Jadi leuwih resep nge-"band" jeung nge-"rock" manan ngacapi suling atawa ngadegung.

Teu saladar, yen nu geus dijual ku manehna teh saenyana mah lain ngan sakadar tanah warisan ti kolot, tapi eta teh lemah cai. Lemah jeung cai ajangkeuneun anak incu urang Sunda.

Jisim Abdi

| |

Simkuring wasta Nurhidayat Sadkar, namung langkung katelah ku nami Dadang Sadkar. Urang Garut asli kalahiran taun opat lima. Tah ieu mah Dian ngarang we Mang Dadang. Sumangga diedit kunyalira.

Mugi tiasa cara ngeditna da gampil. Lebet we kana posting, edit post, compose, pasti tiasa lah Mang Dadang mah da pinteran kana komputer nya.