Atoh ku kituna mah. Harga tanah nu biasana saratus rebu satumbak, ditawar tilu tikeleun. Atuh sawah, balong, jeung kebon katut tatangkalanana ge dijarualan ku nu bogana. Ari maranehna tuluy milih nyalingkir ka sisi, neangan nu hargana masih keneh murah.
Duit ladang ngajual tanah tea, ku manehna ditumpakan jadi motor atawa mobil. Puguh we asa gaya. Sikep hirup oge jadi robah. Jadi leuwih resep nge-"band" jeung nge-"rock" manan ngacapi suling atawa ngadegung.
Teu saladar, yen nu geus dijual ku manehna teh saenyana mah lain ngan sakadar tanah warisan ti kolot, tapi eta teh lemah cai. Lemah jeung cai ajangkeuneun anak incu urang Sunda.
Sanggeus beres jual beuli, jlug-jleg weh di dinya teh jadi real estate jeung industrial estate. Barang gedong-gedong jeung pabrik-pabrik tea geus ngaradeg, manahoreng nu bogana teh urang deungeun.
Ti harita Bandung jadi heurin ku tangtung. Nya kitu deui kota-kota lianna di sakuliah tatar Sunda. Mun seug dibandingkeun jeung taun genep puluhan, ayeuna mah asa leuwih rea urang deungeunna batan urang dinyana pituin.
Kiwari, geus teu bisa dipungkir deui, nasib nu keur karandapan ku urang Sunda saeutik oge henteu matak pikareueuseun. Boh dina kahirupan sosialna, boh dina kahirupan pulitik, ekonomi, nya kitu deui dina kahirupan budayana. Urang Sunda lir anu ngumbara di lemah caina sorangan.
- Kulawarga urang Sunda karerea-anana.
Cenah, tujuh puluh persen tanah di Tatar Sunda nu mibogana lain urang Sunda. Tina kurang leuwih dua puluh atawa tilu puluh juta urang Sunda, paling banter ngan aya sajuta atawa dua juta nu kahirupan ekonomina mapan. Bari, eta oge ari nu masih nyesa keneh rasa kasundaanana mah paling ukur raratusan, mun henteu rebuan.
Hal ieu tangtuna oge lain karana kitu bae, tapi aya sababna. Eta teu aya lian anging dilantarankeun ku urang Sundana sorangan, kalolobaanana geus leungiteun ajen jeung kasadaran kana jati-dirina pribadi. Rata-rata urang Sunda, pangpangna entragan barudak ngora, geus teu miboga kareueus jeung kacinta ka bangsana sorangan. Loba nu geus teu malire kana basa jeung budaya karuhun nu baheula kungsi dipusti-pusti ku entragan saheulaeunana.
Rea urang Sunda nu geus teu apal kana adat, tatakrama, jeung budaya Sunda. Malah rea anu teu ngarti-ngarti acan mun seug diajak nyarita dina basa indungna sorangan.
Acan lamun aya hiji paham kaagamaan atawa ideologi pulitik geus nyosok jero dina dirina, maranehna jadi poho atawa bisa jadi kalawan sadar ngaleungitkeun rasa duduluran sabangsa jeung salemah cai ka bangsana sorangan alatan beda pamahaman atawa ideologi. Teu kurang-kurang nu tega ngagunasika ka batur salembur, batur sabangsa, ku sabab tumut kana parentah ti pamingpinna nu meleg-meleg urang deungeun.
Lamun kaayaan sarupa kieu diantep teu diomean, teu mustahil dina kurun waktu nu moal lila deui, etnis Sunda bakal sirna ngan ukur kari ngaranna. Sabab, biasana, leungitna hiji bangsa teh dimimitian ku leungitna basa, diteruskeun ku leungit budayana.
Nurutkeun panalungtikan para ahli, tina kurang leuwih genep rebu basa etnis di dunya, unggal poena aya hiji anu sirna ku lantaran teu diparake deui ku masyarakatna.
Tah, kondisi basa Sunda oge nya teu jauh ti kitu. Jiga-jiga nu keur asup kana lawang panto kamusnahan. Pek we geura titenan, kari sabaraha persen rumaja-rumaja Sunda nu masih keneh ngagunakeun basana, boh di lingkungan kulawarga, sumawonna di lingkungan gaulna jeung papada rumaja. Kari sabaraha persen rumaja-rumaja Sunda nu masih resep icikibung dina seni daerahna.
Di nagara batur, basa etnis teh disebutna mother tongue, atawa basa indung. Di Indonesia, basa indung teh leuwih populer disebut basa daerah. Hal ieu raket pakaitna jeung kawijakan pulitik nu dijalankeun ku pamarentah. Basa indung darajatna ngan jadi basa wewengkon anu saukur beunang digunakeun dina gunem catur sapopoe di lingkungan kulawarga atawa batur salembur wungkul. Ari basa nasional anu dipake dina acara-acara resmi atawa jadi basa panganteur di sakola mah kudu ngagunakeun bahasa pemersatu bangsa, nya eta bahasa Indonesia. Nya hal ieu anu geus diterapkeun jadi kawijakan pulitik nu dijalankeun kalawan intensip, bari dirojong ku sarupaning upaya nu sipatna strategis. Contona bae, kudu ngagunakeun basa Indonesia dina acara-acara resmi pamarentahan. Basa daerah mah rajeun oge mun diayakeun di sakola, ukur dijieun jadi pelajaran tambahan wungkul.
Ku ayana kawijakan pulitik bahasa pemersatu eta, kalumangsungan basa etnis di Indonesia, kaasup basa Sunda, tangtuna bae jadi kaancam. Dina ahirna, geus pasti basa Sunda bakal nyorang kamusnahan.
- Rahayat leutik ngadago-dago panutaneun hirup.
Keur nu masih keneh miboga kasadaran jeung kacintaan kana kasundaan mah, hal ieu teh tangtu bae matak nimbulkeun kahariwang. Kusabab kitu, perlu aya upaya babarengan pikeun ngelingan masyarakat Sunda supaya mulang deui ka jati-dirina, sangkan terus daek milu ngajaga sarta ngamumule basa jeung budaya Sunda.
Lamun geus ngarasa milu miboga kana basa jeung budayana mah, tangtu sakumna urang Sunda bakal ngarasa kabeungkeut dina hiji tekad hayang milu nanjeurkeun ajen Sunda nu mandiri. Geus kitu mah geura, dina sagala widang kahirupan, boh ekonomi, pulitik, atawa agama, unggal urang Sunda bakal miboga rasa duduluran nu raket, bari silih pikanyaah silih pikaasih. Moal daek ngagugulukeun pacengkadan ku alatan beda paham agama, pulitik, atawa kapentingan ekonomi.
Dadang Sadkar
***
0 comments:
Posting Komentar