Sangeuk

| |





Ku: Dadang Sadkar

Sora piriwit ditiup semu ngalengis. Rieg, kareta ngarieg, tuluy maju. Mimiti lalaunan, beuki lila ngagancangan. Yuswa ngareret kana erloji. Tadi, barang mimiti indit, panceg tabuh genep isuk-isuk. Geuning lain ukur beja, enya we ayeuna mah kareta teh tara ngaret. Mun taya halangan harungan, ku manehna kaijir pidatangeun ka Jakarta teh kurang leuwih tabuh salapan. Kawasna bakal cukup, waktu keur nguruskeun urusan kantor. Jadi engke bakal bisa balik deui ka Bandung make Parahiyangan anu berangkat jam lima sore ti Jakarta.



Sajajalan Yuswa anteng neuteup tetenjoan saluareun kaca jandela. Kagareuwahkeun soteh pedah we aya budak ngora nu diuk di bangku hareupeun noel kana pingping lalaunan.

“Punya api, pa?” cenah.

Sakedapan Yuswa nelek-nelek budak ngora tea. Pakulitanana beunang disebut konar. Buukna model punk-rock, pirang semu beureum. Duka bener asli duka pedah dicet. Ceulina dianting sabeulah. Papakeanana, ka luhurna kaos oblong hideung aya gambaran leungeun keur ngacungkeun jempol, curuk, jeung cinggir, bari jajangkung jeung jari manisna ditekuk. Sareretan mah badis gambar tanduk banteng. Luhureun gambar leungeun tea aya tulisan Metalicaku warna beureum. Ari ka handapna, dicalana blue jeans belel, soeh palebah tuurna. Tapi sok sanajan kacirina rada nyentrik oge ari rengkuh-rengkuhna mah eta budak-ngora teh sopan pisan.

Kusiwel leungeun Yuswa ngaluarkeun zippo tina saku calana, tuluy diasongkeun bari dipangnyekeskeun. Si Budak-ngora teh ngarongkong nyeungeutkeun rokona, pelenyun udud.

“Makasih, pa,” pokna.

“Sama-sama,” walon Yuswa bari ngajak imut.

Sugan teh rek ngan sakitu. Horeng Si Budak-ngora teh kalah terus ngajak ngobrol.

“Mau ke Jakarta?” cenah.

“Iya.”

“Di Jakartanya di mana?”

“Ah, cuma mau ke Tamrin, ada urusan kerjaan sedikit. Nanti sore juga pulang lagi.”



Ti dinya mah der bae ngobrol ngaler ngidul. Malah mah nepi ka milu mangmikirankeun urusan nagara sagala, abong kabiasaan. Tuluy silih tanya wawuh ka si itu wawuh ka si ieu. Geus lila uplek mah kakara weh silih tanya ngaran.

“Saya Yuswa,” ceuk Yuswa ngawalon panakon. "Sebetulnya nama yang bener sih Yoshua, tapi orang-orang lebih suka manggil saya Yuswa."

“Saya Oding,” ceuk Si Budak ngora teh samemeh ditanya. “Itu sih kalo nama beneran dari lahir. Tapi temen-temen lebih suka manggil saya meneer Odink van Holland.”

“Loh, emang meneer Oding punya darah Belanda?” ceuk Yuswa bari seuri.

“Ah engga juga. Mereka tuh cuman usil doang. Kalo saya sih orang Sunda asli. Suer,” tembalna.

“Ih, geuning? Hanas ti tadi ngawangkong teh ku basa Indonesia. Atuh da ari sugan teh…”

“Cuman, saya engga bisa bahasa Sunda, pa. Kalo dengerin orang ngomong sih ngerti,” meneer Oding mani rikat nempas omongan bari nyerengeh.

“Baruk, naha?”

“Abis dari kecil suka diajakin ngomong Indonesia melulu sih.”

“Bet eleh ku Bapa, atuh. Bapa mah lain urang Sunda ge ayeuna geus asa jadi urang Sunda we,” ceuk Yuswa rada mapanas. Gap kana roko jeung zippo, cekes diseungeut. Haseupna ditiupkeun ka luhur mani nyerebung.

“Emang aslinya dari mana?” ceuk meneer Oding bari ngareret kana gondok laki Yuswa nu oyag-oyagan dipake nyerebungkeun haseup.

“ Ti Tarutung, rek deukeut ka Sibolga.”

“Orang Batak?”

“Muhun.”

“Ah, masa sih?”

“Ih, ari taeun teh.”

“Marganya apa, pa?”

“Siregar.”

“Kok bisa bahasa Sunda?”

“Ari Bapa mah boga prinsip di mana bumi dipijak di sana langit dijunjung. Ku lantaran hirup di tanah Sunda, atuh kana adat jeung budaya Sunda oge kudu we milu ngamumule, sok sanajan lain urang dieu pituin ge.”

“Iya juga ya?”



“Ari meneer Oding aya minat hayang bisa basa Sunda?” Yuswa mancing-mancing bari satengah heureuy.

“Males ah, habisnya susah banget, suka diketawain kalo salah.”

“Mun salah kumaha?”

“Iya, mestinya bilang neda saya bilangnya tuang. Mestinya rorompok, saya bilangnya bumi. Yang gitu gitu deh,” ceuk meneer Oding semu nu getun.

“Eueueuh, masalah undak usuk meureun nya?”

“Tau lah, iya kali.”

“Jamak atuh kitu-kitu wae mah. Wayahna kudu daek diajar jeung daek era. Ah, Bapa ge jadi hayang ngadongengkeun lalakon baheula, basa keur mimiti pisan diajar basa Sunda,” ceuk Yuswa ngupahan bari ngagedean hate.

“Gimana gitu pa?”

“Harita teh boga kikindeuwan….”

Meneer Oding nempas heula, “Kikindeuwan itu apa?”

“Kabogoh, pacar. Tah ku lantaran boga kabogoh ka urang Sunda, Bapa ge beuki keyeng hayang bisa basa Sunda teh, ambeh babari komunikasi. Ngan hanjakal, ku babaturan anu asli urang Sunda, sakapeung sok dijieun jadi kaulinan,

sok diheureuykeun. Mun ngabejaan kecap-kecap basa Sunda, maranehna kadangkala sok ngahaja mapatahan salah.”

Kareta karasa asa rada nyanggeyeng. Singhoreng aya tikungan. Geus liwat tikungan mah diuk ge jadi ajeg deui. Lar aya panumpang sejen ngaliwat, muru lawang panto w.c.

bari ngareret. Tayohna rada aneheun ningali nu ngobrol. Nu hiji ku basa Indonesia, nu hiji ku basa Sunda. Kawasna, tada teuing leuwih aneheunana saupama nyahoeun nu mana nu urang Sunda jeung nu mana nu lain.

“Sakali mangsa, ku pimitohaeun teh ditawaran dahar,” Yuswa neruskeun obrolanana. “Jang Yuswa, hayu urang tuang heula, cenah. ‘Sangeuk pa,’ ceuk bapa teh.

Ngajawab kitu teh bari ngarengkuh-rengkuh maneh, da nembalan kitu oge bane bae kungsi dipapatahan ku babaturan, kudu ngajawab kumaha saupama aya nu ngajakan dahar. Tapi naha atuh, pimitohaeun teh bet ngadadak kalah jadi robah pasemon, terus ngajanggilek indit ninggalkeun. Ti harita, pimitohaeun teh jadi ganti adat. Mun Bapa datang rek apel heg manehna keur kabeneran aya, pasti we ngadon ngajengkat ka jero. Ngan karasa, dina ngabejaanana ka kabogoh Bapa oge sok bari ditarikkeun, ngahaja ambeh kadenge ku Bapa, kawasna. ‘Tuh aya si Sangeuk!’ cenah. Atuh lila-lila mah Bapa ge jadi ngarti yen kituna teh ku lantaran tiheula Bapa kungsi salah nembalan ku kecap ‘sangeuk’ tea. Tapi bongan saha atuh, da nu mapatahanana nu teu bener mah.”

Meneer Oding nyerengeh. “Jadinya gimana atuh, pa?” pokna bari seuri.

“Ah, cohagna mah jadi teu disatujuan we ku pimitohaeun teh. Cenah boga piminantueun teh teu eucreug. Teu nyaho di undak-usuk, euweuh kasopanan, teu boga temah wadi, kawas jelema teu walagri. Mending oge neangan papada urang Sunda deui we, nyai, loba ieuh nu hayangeun. Ahirna mah nya jadi pegat we, teu tulus ka dinya.”

“Sayang juga pa, ya.”

“Ngan, aya hikmahna ari keur Bapa mah, jadi teu aya nu ngalandi si Sangeuk deui,” walon Yuswa bari seuri koneng. “Nya ti harita beuki getol ngulik basa Sunda teh, supaya teu jadi bahan geuhgeuyan deui ti babaturan.”

“Kalo saya sih mendingan engga usah pake bahasa Sunda aja,” ceuk meneer Oding bari semu nu ngabirigidig.

“Ari tuang rama jeung tuang Ibu kumaha mun ngadangu meneer nyarios ku basa Indonesia teh?”

“Cuek aja.”



Sakedapan obrolan eureun heula, kaganggu ku riyegna kareta nu rada tarik. Geus rada anteng, Yuswa muka deui carita.

“Ari di Bandung di mana linggih teh?”

“Linggih, Rumah?”

“Muhun, bumi, di mana?”

“di Ciwastra.”

“Asli urang Bandung?”

“Engga sih. Kalo aslinya dari Garut.”

“Ti Garut? Garutna di mana? Kade, awas, eta roko kana raksukan.”

“Di Bayongbong, di Goler,” meneer Oding ngawalon bari kekerepesan ngepes-ngepeskeun calacah hurung nu murag kana bajuna.

Yuswa asa kacentang gelap ngadenge kecap Goler teh. Sajorelat aya flash back ngaliwat kana uteukna. Bet ngadadak ras inget ka jaman katukang-tukang.

“Di Goler? Ke,ke,ke, kenal sareng pa Haji Irad?” ceuk Yuswa antusias.

“Haji Irad mah kakek saya. Bapa kenal, ya,” meneer Oding oge semu bungaheun, asa boga kolot jadi selebritis.

“Kutan? Aki ti ibu atanapi ti rama?”

“Dari Mamah. Kalo Papah mah asli dari Cilawu.”

Atuh ari kitu mah moal saha deui. Meneer Oding teh moal henteu, tangtu anak neng Kartini. Da ngan hiji-hijina anak awewe Haji Irad mah, ceuk pikir Yuswa.

“Saha tuang ibu teh kitu?” pokna asa-asa.

“Mamah? Kartini.”

Tuh nya, tetela teu salah, gerentes hate Yuswa.

Pipikiran Yuswa jadi cuscos, da dikumaha-kumaha oge duriat mah gede pisan ka neng Kartini harita teh.

Dasar lain jodona ka dinya, jigana. Da mun seug henteu gara-gara salah ngajawab ku kecap “sangeuk” mah meureun ieu budak teh tangtuna ge anak aing.

Ah, anu teungteuingeun mah Haji Irad we. Ari ka anu bener-bener hayang diajar basa Sunda mani euweuh pisan toleransina, salah sakitu bae oge make kudu jadi kuraweud haseum, matak bolay teu jadi kawin. Ari ayeuna, incuna sorangan bet teu hayang-hayangeun acan nyarita ku basa Sunda. Mani abong. Aeh ketang, naha bet make dipikiran-pikiran teuing, jiga nu pipilueun kana urusan batur. Kapan ceuk paribasa urang Batak oge, “unang tortori na su gondangmu”.

Bandung, 2006.

1 comments:

Adrian Agoes mengatakan...

Tah ieu dongeng pieunteungeun yeuh. Urang Sunda mah kalahka we gagayaan mamalayuan. Ari batur anu lain suku kalahka getol ngamumule Basa Sunda.

Salut ka Mang Dadang nu pengkuh miara Budaya Sunda, hususna Basa Sunda!

Posting Komentar