Sekar Baruntak

| |



Ku : Nano S.

SEKAR BARUNTAK teh pakumpulan kasenian nu gede. Gede pisan. Gede ka luhur ka handap. Ngadegna didasaran ku tekad juang nu teu kapalang tanggung. Hayang kasenian Sunda satata jeung Amerika. Kasenian Sunda geus lain waktuna ditatanggung ngurilingan kampung. Ladang ukur tina ngarayuda, geus kunooo. Nu nanggap hayang ciatah, kudu di warah. Anemer seni kudu dibasmi.



Semboyanna ngajeblag dina luhureun kakanco goong: “Kasenian Kabudayaan Jasana Tukang Goong”. Nya ku pangaruh semboyan eta, tiap pembukaan upacara, para pejabat sok nakol goong. Ka luhur ka handap, Sekar Baruntak mah sok dipake bae. Ku alusna tiap pamanggungan, ku hubungan nu deukeut jeung nu lalajo, jeung kreasi-kreasi anyarna nu salawasna seger, ngajadikeun Sekar Baruntak nenggang ti nu sejen. Masarakat, pajabat, reueus ku ayana Sekar Baruntak. Beunang dipastikeun, lamun Sekar Baruntak manggung di hiji tempat, pasti loba korban di pihak sireum.

Ku bisana ngeureut neundeun jeung kakompakan anggota, ditambah ku partisipasi tua kampung, Sekar Baruntak bisa nyieun cabang di tiap daerah. Maju pisan. Ku kitu tea mah wajar pisan, sabab para nonoman nu teu katarima di perkumpulan Duremipasol, ku Sekar Baruntak mah diraneh. Karep nyieun cabang di luar pulo ge geus jadi rarancang ti Sekar Baruntak. Di antarana pulo Seribu jeung pulo Bantal.

Gunta-ganti pangurus di pakumpulan Sekar Baruntak, lumangsung kalawan lancar. Kabudayaan saur manuk jeung sair lauk, ngalagenakeun lahirna pangurus anyar. Padoman pemilihan pangurus anyar, salawasna make jejer opat S. Disiar, Disair, Disaur jeungDisaeur. Beres.

Tapi duka kumaha, geus kitu meureun nasibna, dina pilihan pangurus nu anyar ayeuna mah aya buntutan. Pangurus heubeul can ngecagkeun kalungguhan, pangurus anyar geus mucunghul. Puguh we rame. Akibatna panggung jadi loba mandeg, sabab nu rek nanggap asa-asa. Kudu ka saha mayar pruskot. Nu ripuh mah para pamaen. Bingung ku dua ku tilu. Ku dua rek ngaku saha. Ku tilu panggung teu payu. Tungtungna para pamaen teh jadi blok-blokan. Tapi ari keur Omod mah nu sok nyieun rumpaka lagu, hal ieu teh malah jadi ilham. Nya manehna nyieun pijuduleun, keur eta rumpaka teh, Gorgar.



Gorgar---gorowok garing

Gara-gara gura giru

Guru goreng

Gor ger---Gorowok gering

Garo-garo garetek

BBM, Naek.

Bae teu alus tungtungna ge, ah. Da hese atuh nyieun rumpaka teh ari pangurus parasea mah, ceuk Omod bari narikan kawat rebab.

Ku ayana parebut kalungguhan Sekar Baruntak, aya oge anggota nu nyieun kasempetan mihak ka salah sahiji. Diantara nu kitu teh nya eta Jang Kusen. Cukup alesanana upama Jang Kusen milih pangurus heubeul teh, sabab Jang Adung ge milih pangurus heubeul. Mun manehna milih pangurus anyar, Jang Adung teu kacipta mayar hutang.

Dina hiji riungan sapihak, pangurus heubeul nyarita kalawan tandes. “Sodarah-sodarah, sayah teh lain owel ku kalungguhan, da geus lila atuh. Tapi demi kalangsungan grup Sekar Baruntak ieu, kuring teu mikeun upama manehna nu jadi pimpinan. Masalahna aya hal nu kacida pisan prinsipilna pikeun kuring, anu geus buleud kanyaah kana seni. Upama Si Eta jadi pingpinan, ruksak lagu teh. Kabeh dijaipongkeun! Pek pikir, naha moal ruksak engkena? Nonoman rundayan urang bakal jadi generasi geol! Rek dikamanakeun beungeut kuring? Eta dina hal garapan. Ayeuna dina hal penerimaan panggung nu aya hubunganana jeung duit. Manehna mah salawasna sok ngamumurah panggilan. Enya ari mindeng tea mah. Tapi naon hartina mindeng manggung lamun honorna saeutik? Pek pikir! Urang teh dina seni teh kudu hirup! Kudu ngaronjat! Sekar Baruntak lahir tina kabarontakan jiwa urang, nu teu sugema pedah urang dianggap seni murahan. Ari ayeuna, geus nanjeur, geus gede, geus sohor, naha manggung di mumurah? Pek pikir! Jadi kaharti ayeuna mah. Manehna mah dina usahana teh ngahaja ngamurahkeun urang, sangkan meunang simpati balarea. Mun geus meunang simpati pan gampil kana jeneng pimpinan teh. Kudu waspada, sodarah! Urang kudu era ku cabang-cabang urang nu geus mere kapercayaan. Masalahna di dieu, kalangsungan seni kudu dipimpin ku nu bener-bener boga jiwa satria sajati!”

Pangurus anyar ge nya kitu boga pamadegan sewang-sewangan. Najan teu ngagedur cara pangurus heubeul, eusina mah tetep anteb.

“Saderek sadayana. Kuring jadi pangurus anyar ku sabab di pilih. Lain kahayang kuring pribadi. Kuring daek dicalonkeun, sabab kuring sadar yen sora nu nyalonkeun kuring teh, sora-sora kaprihatinan. Hal anu prinsipil pisan nyaeta, pangurus heubeul geus poho kana semboyan urang, nya eta Kasenian Kabudayaan Jasana Tukang Goong. Tah ieu saderek. Urang mindeng ngadenge dina biantara pangurus heubeul, boh di dieu atawa di cabang-cabang, apan mindeng nyebutkeun, mun euweuh sim kuring, Sekar Baruntak teh moal manjang nepi ka ayeuna. Naha ieu lain mangrupa pangakuan jasa? Pak emut. Ari tukang goong rek dikamanakeun? Upama manggung teu digoongan, rek siga naon Sekar Baruntak teh?

Ayeuna, panuduh ka sim kuring nu nyebutkeun sok ngajaipongkeun kabeh lagu. Kuring mah ngan ukur rek nanya: Ari Jaipongan boga saha? Apan ceuk lagu ge, banda urang. Soal generasi nu rek datang mah, atuh ulah dihubungkeun jeung Jaipongan bae. Jaipongan salaku banda seni mah teu boga dosa. Nu mateakeunana! Iraha kuring mateakeun Tembang kana Jaipongan?

Ayeuna, soal manggung nu disebut murah. Lain murah, saderek, tapi angger! Harga-harga nu sejen bisa naek. Ari seni nu digarap ku urang? Apan ku harga heubeul oge urang mah, teu saeutik nu ngomong, geuning awis! Najan ayeuna goong geus ditabeuh ku para pajabat, naha pajabat eta terangeun kana harga goong? Jadi, upama sim kuring narima teh dina harga heubeul, demi kalangsungan hirup anggota! Lamun lain ti dinya, nya ti mana atuh? Da dahar mah meureun kudu. Kungsi kitu urang meunang subsidi? Ulah waka keur urang, keur gedong Kasenian ge can boga.”

Suasana beuki rame. Komo deui sabada masing-masing nyaho kana omongan ti ditu ti dieu. Jeblag dina majalah. Jeblag dina surat kabar. Ceuk itu kitu, ceuk ieu kieu. Sekar Baruntak tambah populer, tapi panggungna beuki sepi. Kahirupan para pamaen jadi kalantar. Unggal latihan nabeuh lagu-laguna terus-terusan kana gending perang bae. Nyi Ijah, primadona Sekar Baruntak, ampir pipisahan jeung mang Darma tukang kendang, sabab mang Darma teu bisa mangmeulikeun ubar kokoloteun keur Nyi Ijah. Ari kokoloteun Nyi Ijah ceuk Mantri Kilinik mah diakibatkeun ku kabiasaan dimik-ap ari keur manggung. Ku sepina panggung, wedak beak. Da ari keur loba panggung mah kokoloteun teh bisa kadempul meueusan.

Tungtungna, loba anggota nu nambangan di grup sejen. Atuh puguh we kalah nambah saheng. Grup nu sejen, dibantuan ku Sekar Baruntak mah nya atoh we nu aya, sabab sahenteuna geus loba pangalamanana dina manggung, jeung kreasi-kreasi anyarna.

Heuleut sawatara lila, kabeh anggota Sekar Baruntak karumpul deui. Kitu deui pamingpin heubeul jeung pamingpin anyar. Wartawan anu daratang estu tamplok ka dinya. Malah nu matak hemeng, wartawan ti majalah “Haohakeng” ge datang deuih. Barang ditanya ku papada wartawan deui, wartawan “Haohakeng” nyebutkeun, yen berita Sekar Baruntak teh penting keur barudak leutik. Malah beritana oge rek dihususkeun dina kolom “Nelengnengkung”.

“Saderek nu sami hadir, “ kitu bubuka ti panitia cantel Sekar Baruntak. “Hatur nuhun kana kasumpingan sadayana. Kitu deui hatur nuhun kana sagala rupi panggeuri nu kantos didugikeun ka Sekar Baruntak. Ayeuna sim kuring nu ngawakilan pangurus heubeul sareng pangurus anyar ti grup seni Sekar Baruntak, bade ngadugikeun hiji kaputusan penting, nu tangtos diantos ku sadayana. Sabada sim kuring saparakanca prihatin ku kaayaan padungdengan di jero grup Sekar Baruntak, nya sim kuring teh ngadamel inisiatif pikeun ngadamel panitia cantel. Alhamdulillah, sabada aya pendekatan ti kadua belah pihak, panitia cantel teh tiasa masihan bahan pertimbangan ka duanana. Nu janten kagumbiraan ti sim kuring salaku panitia cantel Sekar Baruntak, kalawan kajembaran manah ti dua beulah pihak, usul sim kuring teh tiasa ditampi. Hal nu dianggo bahan nyaeta ayana uni dina anggaran dasar nu didamel ku Sekar Baruntak, waktos ngadeg sakitu puluh taun ka tukang. Ari eta anggaran dasar teh kaleresan kapendak ku Nini Omoh, tilas anggota Sekar Baruntak kapungkur, salaku juru kawih. Duka kumaha, Nini Omoh teh bet hilap guguritan Eling-eling mangka eling. Nya teras muka pabukon, catetan guguritan. Na ari gorehel teh aya anggaran dasar tea. Enggalna carios, eta anggaran dasar teh dugi ka sim kuring. Dina eta anggaran dasar, disebutkeun kieu: Dumasar kana semboyan Sekar Baruntak, nyaeta Kasenian Kabudayaan Jasana Tukang Goong, saupama aya dua pimpinan nu pagetreng di jero Sekar Baruntak, eta pimpinan teh kudu dipasrahkeun ka Tukang Goong!

Tah, hal ieu teh parantos ditampi ku dua pihakanana. Ku kituna sacara resmi, kanggo pangurus sementara Sekar Baruntak ayeuna, dipasrahkeun ka Mang Ibro!”

Ger keprok.

“Hidup Ibrooo...! Hidup Ibro Go-ooong........!”

***

0 comments:

Posting Komentar